Dina hiji poe Sakadang
Kuya keur neangan kadaharan, tapi ti isuk mula tacan manggih nanaon. Ngahaeut
ka tengah poe, manehna manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi kumaha da
teu bisa naek. Kulantaran kitu, tuluy manehna bebeja ka Sakadang Monyet, menta
tulung. Omongna “Sakadang Monyet, uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak,
tapi hanjakal teu bisa naek, cing tulungan pangalakeun, engke paparon”
“Hade,” tembal
Sakadang Monyet. “Di mana?”
